Kamis, 28 Maret 2013

Perkawis nu Kalangkung


Assalamualaikum warahmatullahi ta’ala wa barakatuh
Aya hiji Paribahasa #cenah “mipit kudu amit ngala kude menta”
Tos sakitu bae bubukana , Bilih se’ep waktosna
Bismillahirakhmannirakhim
Nuhun ijin sareng ridho keur Anjeuna Abdi bade medarkeun deui perkawis ieu nu kalangkung :
Iyeu anu rek di gurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot, ngawincik alurannana, supaya jadi kabuka,
Ka buka tunggalna wujud, di papay ti memeh aya.
Nepi kana aya bukti, tina aya kana taya, geus aya bet ngalalakon, ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean,
 ayeuna baris di atur, urang papay ti asalna.
Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya  bet jadi cekcok,
Sepi dina jaman Kun Dzat, Cekcok dina Jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
Rupa teu kenging di salin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, mun kitu sidik rupana,
Teu kenging di robah, rupa pameget nyakitu teu beunang di pindah-pindah.
Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang henteu salah kituna the, eta tandana Kun Mutlaq, tapi iyeu ayeuna ku jisim kuring di atur, ku carita sangkan terang.
Kahiji ku Pamilih Kaduana ku umpaman, bade di damel lalakon, geura kieu cariosanna, Pan ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung,
Ngadegna gumelar sifat,
Henteu ujug-ujug bukti ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel lalakon, kieu ceuk papayannana, naming upami mufakat, rempug sareng dulur-dulur, mun teu cocok sae cempad.
Tapi pamugi simkuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakuf,
Margi ngarang nembe pisan, Kecap Aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos anu Nyepeng, Raga Taya nelah jenengannana, ka mashur ku unggal Ratu, sang Prabu Jasadiah.
Dupi anu jadi Meswari,jenenggan Ratna Atiyah tunggal turunan Bupatos, teges terahing kusumah,estu layeut sami pisan, siang wengi taa jauh, babarengan taa pisah, kecap eta kanjeng Gusti tos kagungan dua putra, pameget langkung karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin Cikalna, kaduana anu bungsu, katelah Raden Muslimat, teu kinten-kinten di asih, ku ibu rawuh ku rama, teu pilih kasih di enod, dua nana di palajar, Agama sareng elmuna, raka rai sami suhud, ngesto kapiwejang Rama.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Anda bertemu kembali dengan saya dalam artikel dengan topik
"Pengajian Rutin Si Bungsu" #ngajidirisibungsu.blogspot.com
Berharap dari ertikel sederhana ini, Bermanfaat