Kamis, 04 April 2013

Perkawis nu Kalangkung 02

Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, henteu aya nu mencog, 
di hartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu,
sadaya wuruk ramana.
Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae,
amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat,
caralik di tempat singkur, ngahusukeun wuruk rama.
Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando, 
hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu,
rehna rai kumalancang.
Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, 
moal sapertos engkang dina perkawis Agama, nu ku Ama di pitutur,
rai tacan paham pisan.
Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade tumaros,
 naon sakapaham engkang, moal arek di kilungan, kajabi anu teu acan mafhum,
pun engkang moal tiasa.
Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris di tektek,
di terangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus kamasyhur,
dalil tehkieu uninga.
Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma'rifayullah, sundana kieu eta teh,
lamun rek lalakon Agama, wajib Ma'rifat heula, kana Dzat Allah nu Maha Agung,
supaya sah ibadahna.
Tapi rai sanes deui, hal ma'rifat ka dzat Allah, eta teh lainsapertos,
nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah,
hawadist teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.
Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta'ala teh,
ceuk saksina Dzat laesa, kamislihi terasna, harina Dzat yang Agung,
 henteu aya umpamana.
Ngan dawuhan kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana,
nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk hadistna,
Waman aroffa nafsahu,faqad aroffa robbahu.
Jeung aya lajengna deui, man aroffa robbahu, faqad jahilan nafsah tea,
kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, 
tangtu nyaho ka pangerannana.
jeung saha nu geus nyaho deui kapangerannana, dirina geus tangtu ngarasa bodo,
tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu,
pikeun saksi ngelmu tea.
malah dawuhan kangjengNabi, Illa anna awwala nafsah,terasna teh Fardu 'ain,
kieu eta teh sundana, mimitina hal Ibadah, sing terang jatining hirup,
masing tepi ka 'aenna.
Sasat kudu katingal, sifat hirup sing ka pendak, jatining sahadat eta teh,
bibitna sagala rupa, nya hakekat Muhammad, awalna Muhammad kitu,
nyaeta Sagara Hayat.